
Abidin Dansah, (80), Pangsiunan Guru jeung Kepala Sekolah. Pituin ti Cikelét, Pakidulan Garut.. Ti nuju dines kénéh sok leukeun kutrat-kotrét nulis sajak atawa ngadangding. Hanjakal, kotrétan-kotrétanna réa nu leungit ka irid wanci, bari teu kungsi ka dokuméntasikeun. Di handap kapidangkeun kotrétanna.
Kedal rasa kucarita
ngaguarmedar kacinta
kabaligeusan ngajadi
kasarakan lemah cai teukarasa,
bari merebey cimata
Deudeueueuh, Geulis, deudeuh
Anjeuntehjatisarakan, pangancikan pangbalikan
nu teuweléh ngagupayan, munkuringkeur nyanyabaan
Deudeuh, Geulis, deudeuh
Anjeun téh tanah katresna,
lembur pangupukan rasa nu teuweléh dipicinta,
dipideudeuh salamina
Sanajan kuringgeus lunta
kiwari dumuk di kota tapi tetep,
kanyaah taya pegatna
Munkeur anteng ngumbar tineung
ngimpleng pareng pajonghokan
salira tembong sidaweung
nabangbarung panyileukan
Mun peuting keur sepi jempling
Hawar-hawar sok kakuping
ngagalindeng dangding liwung
lagu gandrung tisarakan
Hampura, Enung, hampura
munkiwari can bisanohonanjangji
Hampuraaa, Enung, hampura
mun pasini kiwari tacan ngabukti
da kuring lain rekcidra
sumawonudarkacinta
ngan can tepi kana wanci nu
dianti baheula pan geus subaya
Idul Fitri pasini rék tepung deui
Cikelét sarakan urang
banjar karang panglayungan
teuteuleuman kokojayan
di leuwi Cipasarangan
Cikelét sarakan urang
tutungkusan lelembutan
mun melang pédah paanggang
kudu mindeng dilongokan
Cikelét sarakan urang
wawarisan tuturunan
munhariwang ngarangrangan
urang riksa sasarengan