Sawatara bulan katukang, akang olohok ku Ahok anu nembongkeun wawanenna dina ngababad para pejabat Pemprov DKI anu sok pirajeuneun ceceremed, makaya ku harta nagara. Kiwari kataji ku sikepna Ridwan Kamil ngabasmi pungli di lingkungan Pamarentah Kota Bandung. Sakumaha kauninga ku sadayana, 9 urang kepala sekolah di Kota Bandung dieureunkeun tina jabatanana, lantaran kabuktian ngalakukeun pungutan liar (pungli) dina Penerimaan Peserta Didik Baru (PPDB) tahun 2016.

pungli
pungli (ilustrasi:radarmadura.co.id)

Ceuk Si Ocoy, di Kabupaten Meleukeudeu mah lain ngan wungkul kepala sekolah anu pungli, tapi kepala sekolah oge keuna ku pungli. Eta we cenah, hayang jadi kepala sekolah di Kabupaten Meuleukeudeu mah bisa beak puluhan juta. Hayang lolos seleksi kudu mayar sakitu. Hayang diheulakeun indit ka Solo, mayar deui sakitu. Hayang ditempatkeun di sakola anu baseuh, ditarget kudu sakitu. Malah dina pelantikanana oge dipenta nepi ka Rp 3 juta saurangna.

“Kantun ngalikeun we, pisabarahaeun beubeunanganana lamun Rp 3 juta dikalikeun kana sakitu urang,” ceuk Si Ocoy bari nyusut acay ku tungtung sarungna.

“Artos tina pelantikan kepala SMA/SMK oge can beak, ayeuna geus ditambahan deui,” pokna.

Nu matak tong aneh lamun di Kabupaten Meuleukeudeu aya kepala sekolah anu pungli. Da bongan cenah, hayang jadi kepala sekolah oge kudu boborot sagala beak, nepi ka nganjuk ngahutang. Malah

nurutkeun beja sa liwat mah, dina PPDB kamari sawatara oknum kepala sekolah anu mungut Dana Sumbangan Pendidikan Tahunan (DSPT) ti orang tua siswa baru nepi ka jutaan.

Alesanana rupa-rupa pisan. Aya anu menta keur itu tea, keur ieu tea. Padahal sabenerna mah geus dianggarkeun dina Ban tuan Operasional Sekolah (BOS). Aya oge ke pala sakola aya anu menta DSP Rp 4 juta, alesanana keur meuli bangku kelas tambahan.

Tapi di Kabupaten Meuleukeudeu mah tong boroning ngeureunkeun kepala sekolah anu pungli, ngeureunkeun kepala sekolah anu masa tu gasna geus 2 periode oge masih “tebang pilih” keneh. Buktina, kepala sekolah anu “uweuh nanaonan” dieureunkeun, sedengkeun anu “jang jang-jingjing” mah teu diuget-uget.

Nya kitu tea, ceuk Si Ocoy oge di Kabupaten Meuleukeudeu mah aturan teh bisa di rigel-rigel, gumantung kana kapentingan atawa gede jeung leutikna eusi keresek. Ieu mah ngan saukur beja nu teu perlu dipercaya. Dina ayana oge kepala sekolah anu kitu, jumlahna moal loba. Urang sebut we oknum nya. Tapi keuna ku paribasa “angeun kacang sapariuk, karagragan tai beurit”, antukna sok

di sakompet daunkeun. Padahal leuwih rea kepala se kolah anu pinuji, babakti ka lemah cai nyandang pres tasi. Ngan hanjakal cenah, di kabupaten Meuleukeudeu mah kepala sekolah anu pinuji teh sok malah kasingkir-singkir, ditempatkeunana oge di sisi gawir. Cag.