Cover Malajah Jaleuleu Edisi 18 Th. II Agustus 2016 "Dedi Mulyadi, Ti Purwakarta ka Amérika" (juru Gambar: Ayi R. Sacadipura)
Cover Malajah Jaleuleu Edisi 18  Th. II  Agustus 2016 "Dedi Mulyadi, Ti Purwakarta  ka Amérika" (juru Gambar: Ayi R. Sacadipura)
Cover Malajah Jaleuleu Edisi 18 Th. II Agustus 2016
“Dedi Mulyadi, Ti Purwakarta
ka Amérika” (juru Gambar: Ayi R. Sacadipura)

“Nonoman jeung kaom rumaja téh kudu ngawasa téknologi, tapi teu meunang mopohokeun budaya,” kitu inti tina biantara Kang Dédi Mulyadi, Bupati Purwakarta.

Éta biantara ditepikeun ku anjeunna dina Konférénsi Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB), New York, Amérika Serikat, tanggal 18 Agustus 2015. Konfrénsi diluuhan ku teu kurang ti 1.000 pamilon, diayakeun ku International Young Leader Assembly (IYLA). Kang Dédi téh kitu nénéhna salah saurang narasumberna. Tangtu waé ieu téh jadi kareueus, lain waé keur urang Sunda, tapi ogé keur Indonésia.

Saréréa ogé geus pada apal, apan Kang Dédi mah gedé pisan katineungna kana budaya, pangpangna budaya Sunda. Dina mingpin rahayat Purwakarta ogé, anjeunna mah nganggo dadasar palsapah Sunda.

Kang Dédi lahir di Kampung Sukadaya, Désa Sukasari, Kabupatén Subang, 11 April 1971. Istrina nyaéta Hj. Anne Ratna Mustika. Tina hasil pernikahanana gaduh putra dua, nyaéta Maulana Akbar Ahmad Habibié

jeung Yudistira Manunggaling Rahmaning Hurip. Kang Dédi téh putra kasalapan ti pasangan Bapa Sahlin Ahmad Suryana sareng Ibu Karsiti. Ramana pangsiunan tentara, ari ibuna aktivis Palang Mérah Indonésia. Ti leu leutik geus biasa hirup peurih, disiplin, tur pinuh ku rupa-rupa perjoangan.

Sabadana tamat ti SMA, Kang Dédi neruskeun kuliah ka Sekolah Tinggi Hukum Purnawarman, Purwakarta, tamat taun 1999. Tah waktu keur jadi mahasiswa, anjeunna aktif di sababaraha organisasi. Diantarana waé jadi ketua umum HMI cabang Purwakarta 1994, jeung wakil ketua DPC Federasi Serikat Pekerja Seluruh Indonesia (FSPSI) 1997.

Sanajan tina umur mah ngora kénéh pisan, tapi harita Kang Dédi aktivis nu kacida diajénanana, boh ku kalangan birokrat boh ku babaturanana papada mahasiswa. Jaman Réformasi, karir pulitik Kang Dédi beuki nyongcolang. Taun 1999, anjeunna kapilih jadi anggota DPRD Kabupatén Purwakarta, wawakil ti Partéy Golkar.

Anjeunna malah kaselir jadi pupuhu Komisi E. Ngaliwatan Pilkada langsung, Kang Dédi antukna dipercaya ku rahayat Purwakarta pikeun jadi Bupati Purwakarta salila dua periode, nyaéta periode 2008-2013 jeung 2013-2018. Kungsi deuih jadi wakil sekretaris jeung sekretaris Partai Golkar. Ahirna,tanggal 23 April 2016 kamari, Kang Dédi sacara aklamasi kapilih jadi pupuhu Partai Golkar Jawa Barat.

Salila jadi Bupati Purwakarta, réa kawijakan Kang Dédi anu kontrovérsial. Tapi anjeunna yakin yén kawijakanana téh keur kahadéan masarakat Purwakarta. Antarana baé, anjeunna nyaram nonoman nyémah ka istri leuwih ti jam salapan peuting. Lamun kanyahoan ngarempak bakal dihukum sacara adat. Sakola nu siswana sok tawuran, ku anjeunna diancam rék ditutup.

Barudak di sakola sina diajar tatanén jeung miara ingon-ingon. Upamana baé diajar tandur jeung ngarambét, miara domba atawa embe, jeung sajabana. Di sakola teu meunang aya nu dagang jajananan nu teu sehat. Barudak sakola disina mawa rantang ti imahna sewang-sewangan, sarta dina waktuna istirahat dalahar ngariung balakecrakan bareng jeung guru sarta batur-baturna.

Di sakola aya anu disebut program “Tujuh Poe Pendidikan”. Poé Senén disebut Ajeg Nusantara, siswa mikawanoh Nusantara. Salasa disebut Mapag Buana, pikeun mikawanoh jagat raya. Rebo Maneuh di Sunda, siswa mikawanoh budaya Sunda. Kemis Nyanding Wawangi, siswa diajar seni. Jumaah Nyucikeun Diri, siswa diajar agama. Saptu jeung Minggu disebut Betah diimah, ngajarkeun siswa deukeut jeung kulawarga.

Anyar kénéh pisan Kang Dédi dileler pangajén ku Sukarno Cénter, sabab geus bisa nyiptakeun toléransi jeung ngamumulé budaya.

Hébat nya! (*)